Beranda · About Blog · Sitemap · Privacy Policy TOS Results Disclaimer

Puisi cinta bahasa sunda


Duh Panengtrem Hate

Kuring nyaring tengah peuting
Cahya bulan ngabarabai ca’ang
Ngan naha hate kuring asa bingbang
Jauh ti anjeuna ngarasa melang
Ngalanglangan sorangan bari nembang
Angger wae hate kuring ngarasa sorangan
Ka mana deui kuring kudu neangan
Duh……. Panengtrem hate
Iraha urang jadi pateupang

http://arifhidayat1990.blogspot.com/2014/09/puisi-duh-panengtrem-hate.htmlPadahal bulan jeung genteng nyaksian
Galisahna hate sabab teu ka ubaran
Nugi cipanon ngabarabai teu karasa
Emut ka carita urang duaan
Duh……. Panengtrem hate
Nuju naon anjeun wengi ayeuna
Didieu kuring ka siksa teu wasa
Ngan kalangkang anjeun nu maturan
Iraha urang wang jadi,nugi babarengan


Manufacture : Rini Darini | FB : Rini Darini | WeChat ID : Rini_Darini | Twitter : @rinidarinidarim

Artikel keren lainnya:

Belum ada tanggapan untuk "Puisi cinta bahasa sunda"

Posting Komentar